Friday, December 9, 2016

BAPA

APA."Kasép anaking, ulah pedah Apa geus pisah jeung Ema, kaApa jarang nganjang. Sabulan sakali gé henteu. Tong sok tambélar ka kolot teh, Doraka!."Apa sono ka Si Geulis éwét éwét jeung Si Ganteng kalemincu Apa, Si Ganteng mah kot can kungsi panggih jeung Apa"."Ké mun hidep ngalongok Ema, omat kadieu nya!. Apa hayang dilongokan. Keun baé babawaan mah bikeun kabéh ka Ema, da Apa mah teu butuh. Mawa congkrang jeung pacul wé. pangmeresihankeun eurih di imah Apa nya!"."Geus wé lah pindah ka lembur, usaha dilembur, ngarah siEma kaurus Apa kalongokan. Da geuning dikota gè angger weuh menyatna kahirupan téh, tuh tingali batur nu arusaha dilembur, imah boga, balong jeung sawah lega,na ari Anjeun kasep, imah ngontrak. Gawé tihothat ti isuk jedur nepika soré jeder kur mahi jang dahar hungkul.Gancang balik, Apa sono!"."Apa hayang dipangmacakeun Yasin jeung Tahlil ku Anak incu Apa!"..Cag

No comments:

Post a Comment

Silahkan berkomentar di sini, budayakan kesopanan