Friday, December 9, 2016

NUMPURKEN GENERASI BANGSA

NUMPURKEUN GENERASI BANGSA

Bu Suryani lebet ka kelas opat.

Tapi léngkahna kandeg. Aya pamandangan nu teu biasa. Jauh ti sasari.Barudak nu biasana saregep. Ieu mah kalahkah pating géléhé dina bangku. Aya ogé nu nangkarak di luhur méja. Si Jajang nyangheuy dina jandéla, Romini lelenggakan dina korsi, Sopandi utah-utahan, Eten nonggéng bari ceurik aluk-alukan."Assalamu'alaikaum...ké...! Aya naon ieu téh biasana mahhidep téh saregep. Ari ayeuna kaayaan kelas meni acak-acakan!" Bu Suryani, dina soanten nu tarik."Bu...ulah ganggu! Pokona sedaaap!" Jajang ngacungkeunjempol."Enya, Bu. Mantap!" témbal Rosmini."Nanaonan ari maranéh?" Bu Suryani keuheul, asa dilejokeun.Teu lila, sakabéh murid arutah. Malah aya nu kekejetan. Bu Suryani reuwas. Anjeunna nyauran Pa Kesek, penjaga sakola, katut guru sanésna.Teu talangké barudak dibarawa ka Puskesmas. Teu pati jauh. Ukur lima menit, ti sakola mah.Kacindekanna, barudak geus ngadahar kadaharan nu ngandung sabu-sabu. Nalika ditaranya. Cenah maranéhna kitu téh, saenggeus ngadahar peremén nu dibagikeun ku saurang lalaki. Nu nyegat di gang."Bapa, Ibu, ayeuna putra-putri bangsa nuju kaacam. Ieu jelas sanés sual bisnis. Tapi ngancurkeun hiji bangsa ku jalan ngaracunan generasina. Ku kituna urang sing waspada!" Pa Kepsek, tandes.Ti luar kadéngé sora sirine mobil pulisi. Katempo Si Bondan, geus aya dina mobil. Kalayan leungeun diborogod.Asalna mah manéhna téh Satpam sakola. Tapi dipecat, sabab katohyan mabok.

No comments:

Post a Comment

Silahkan berkomentar di sini, budayakan kesopanan