"Wa Haji Somad jeung Combro"
Sanggeus dipecat tina pagawéanna, Wa Haji Somad nu salila ieu jadi penasihat spiritual Kang Asep, nepungan Mang Juma juragancombro.
"Assalamualaikum..!""Waalaikumsalam!, aéh geuning Wa Haji? Damang wa?" Walon mang Juma bari solongkrong ngajak sasalaman.
"Cageur ari awak mah euy, ngan dompét keur muringis ieu téh!, rék tamada ka ilaing, cenah keur nanjeur kana combro? Miluan atuh dewek!""Ah, biasa wé wa haji, kakara diajar dadagangan.
Nya itu gé aya kana genep urangna mah tukang ngiderna""Sistimna kumaha euy? Na setoran atawa beli putus?""Ah, ka wa haji mah, mangga wé candak heula, ké nu pajengna diétang.
Ti abdina Duarewulimaratus!""Bussseeettt!, na combro naon euy? Ni mahal ning?""Wah wa haji, Combro abdi mah istiméwa pisan, Combro simanalagi téa. Matak lalagih-eun. Tuh mang Padma, sapoéna kuateun genep ratus siki wa!, yeuh mangga cobian heula", ceuk mang Juma bari nyodorkeun piring.
"Ah enya euy!, ngeunah! cik déwék ngajaran mawa saratus siki, bungkus sapuluh siki mah jang si Ambu.
Tong diitung tamah anggap wé bonus" walon wa Haji Somad bari ngarawu Combro..Buhan wa Haji mah pinter ngomong jeung loba kawawuhanna.
Combro simanalagi beuki payu jeung kakoncara.
Heu-euh atuh ari kangaranan aya hiji usaha nu ramê, bari babari nyieun na mah pasti jul jol nu narurutan.
Jol combro sileugeutteureup, combro édohmontok jeung combro sipeureumbeunta. Can combro combro tanpanama mah geus teu kaitung.Tah tidieu mimiti loba nu aranéh.Combro simanalagi.....Mangga teraskeun wabasri sareng kang ravy. .hehe
No comments:
Post a Comment
Silahkan berkomentar di sini, budayakan kesopanan